Jumat, September 22, 2017

contoh sisindiran

contoh kerajinan non benda dina pelajaran Prakarya kelas X, salah sawiosna sisindiran. Sisindiran mangrupakeun salah sahiji kerajinan budaya di sunda khususna. sakeudik simkuring nyerat conto sisindiran ti siswa SMA Muhammadiyah Wanaraja Kelas X

Talingtung talina benang
mobil beureum diguratan
satungtung teu acan beunang
moal eureun disuratan

sagancang-gancangna
kuda abrug-abrugan
mun sisindiran tong loba-loba
beuteung uing na ge kaburu kukurubukan

lamun urang beuki jagong
pang nyieunkeun ku mamah
lamun urang hirup bedegong
kudu insap angguran mah

meuli saladah
ka ceu adah
dibukaku basmalah
ditutup ku hamdalah

kapasar meser sampeu
tong poho meser sate hayam
mung sakieu
ditutup wae ku wassalam.

lauk emas nyuhun nanggeh
disamber ku japati
boga emas moal langgeng

meuli pecin meuli bawang
ejeng peuteuy tilu papan
aduh isin atuh akang
kasep-kasep tara netepan

aduh alim ningal gajah
upami teu sareng ibu
abi alim waka nikah
upami teu acan gaduh elmu

kacinangsi numpak taksi
balikna nyaleuri tuur
ulah gengsi jadi santri
nepi ka era ku batur

jalan-jalan ka cileunyi
sendal butut hayang di patri
nyai ulah jadi penyanyi
leuwih alus jadi santri

pak amat miara kuya
beuki lila beuki loba
omat ulah ngagugulung dunia
diakhirat bisi cilaka

Tidak ada komentar:

Posting Komentar